Senin, 04 November 2019

Kognitivisme jeung Konstruktivisme


1.  Tiori jeung Konsép Kognitivisme
Tiori diajar kognitif ngalibetkeun prosés mikir sacara komplék jeung mentingkeun prosés belajar. Aliran kognitif nganggap kagiatan diajar lain saukur stimulus jeung réspons anu sipatna mékanistik, tapi leuwih ti éta, kagiatan diajar ogé ngalibetkeun kagiatan méntal anu aya dina diri individu anu keur diajar. Dumasar kana éta pamadegan, bisa dihartikeun yén diajar nyaéta hiji prosés méntal anu aktif pikeun ngahontal parobahan paripolah.

Kognitivisme mangrupa salah sahiji filsafat pangaweruh anu inti pamadeganana nganggap yén pangaweruh téh nyaéta jieunan manusa sorangan anu mangrupa  hasil konstruksi kognitif ngaliwatan  kagiatan individu ku cara nyieun struktur, katégori, konsép, jeung skéma anu diperlukeun pikeun ngawangun éta pangaweruh.
2.Tokoh – tokoh Kognitivisme di antarana
a.Piaget
Piaget ngajelaskan yén kamekaran kognitif mangrupa hiji prosés génétika nyaéta prosés anu dasar pamikiranana tina mékanisme biologis atawa kamekaran sistem saraf. Tiori diajar Piaget disebut ogécognitive-development anu nganggap yén prosés mikir téh leuwih mangrupa kagiatan gradual ti batan fungsi intéléktual kongkrit. Nurutkeun ieu tiori, diajar ngawengku tilu tahapan nyaéta:asimilasi, akomodasi, jeung equilibrasi.
Léngkah-léngkah pangajaran anu dirancang nurutkeun pamanggih Piaget:
1)     nangtukeun tujuan pangajaran;
2)     milih matéri  pangajaran;
3)     nangtukeun topik-topik anu bisa diulik ku siswa;
4)     nangtukeun jeung ngararancang kagiatan pangajaran luyu jeung topik;
5)     mekarkeun métode pangajaran;
6)     ngalakukan évaluasi prosés jeung hasil pangajaran.
b. Jerome Bruner
Jarome Bruner ngusulkeun ieu tiori ku sebutan free discovery learning anu  tiori dasarna nyaéta tiori kognitif, anu ngébréhkeun yén diajar nyaéta parobahan persépsi jeung  pamahaman. Maksudna, prosés diajar bakal lumangsung hadé  jeung kréatif, saupama guru méré kasempatan ka siswa pikeun manggihkeun hiji  aturan, kaasup konsép, tiori, idé, jeung définisi ku conto-conto anu ngagambarkeun atawa ngawakilan aturan anu jadi sumberna.
Kauntungan diajar discovery learning nyaéta nimbulkeun rasa hayang nyaho siswa, hal ieu ngamotivasi siswa pikeun néangan jawabanana; nimbulkeun kaparigelan ngungkulan masalahna sacara mandiri jeung ngalatih siswa pikeun nganalisis jeung ngolah informasi.
Nurutkeun Bruner, aya tilu tahap kamekaran kognitif hiji jalma anu ditangtukeun ku cara ningali lingkungan: enaktif, ikonik, jeung simbolik. Tahap kahiji, enaktif nyaéta siswa ngalakukeun kagiatan sangkan   paham kana  lingkunganana. Tahap kadua, ikonik nyaéta siswa niténan  dunya ngaliwatan gambar jeung visualisasi verbal. Tahap  katilu, simbolik nyaéta siswa  dina meunangkeun gagasan abstrak;  komunikasina  dibantuan ku  sistem simbolik.
3.Aplikasi  Kognitivisme dina Pangajaran
Aplikasi tiori diajar nurutkeun kognitivisme  saperti kieu:
a. Guru kudu paham yén siswa téh lain jalma déwasa anu gampang dina prosés mikirna
b. Guru nyusun  matéri  ngagunakan pola atawa logika ti nu basajan ka nu kompléks.
c. Guru nyiptakan pangajaran  anu miboga mana.
d. Guru merhatikeun bédana siswa sacara  individual pikeun ngahontal  hasil diajar siswa.
4.Tiori jeung Konsép Konstruktivisme
Konstruktivisme mangrupa salah sahiji filsafat pangaweruh anu inti pamadeganana nganggap yén pangaweruh téh nyaéta jieunan manusa sorangan anu mangrupa  hasil konstruksi kognitif ngaliwatan  kagiatan individu ku cara nyieun struktur, katégori, konsép, jeung skéma anu diperlukeun pikeun ngawangun éta pangaweruh.
Leuwih wincik Piaget ngébréhkeun yén konstruktivisme nyaéta konstruksi (wangunan) pangaweruh anu diwangun tina kagiatan/tindakan saurang individu. Eta pangaweruh téh ngalaman évolusi, sipatna saheulaanan, henteu statis, mangrupa prosés anu terus-terusan. Ari pangaweruh lain anu aya di luar manusa, tapi aya dina jero diri individu anu ngawangun éta pangaweruh. Nurutkeun konstruktivisme, pangaweruh hiji jalma mangrupa hasil kontruksi aktif individuna sorangan. Tina éta pedaran ébréh yén konstruktivisme anu diébréhkeun ku Piaget sipatna individual jeung leuwih museur kana prosés internal.
5.TokohKonstruktivismedi antarana Piaget
Piaget ngébréhkeun yén kamekaran siswa ngawangun struktur kognitif atawa peta  méntalna anu diistilahkeun “schema/skéma” atawa peta konsép  pikeun nyangkem jeung ngaréspon pangalaman fisik tina lingkungan di sabudeureunana (Suyono& Hariyanto, 2011:107). Saterusna Piaget nerangkeun yén manusa mibanda struktur pangaweruh dina otakna, saperti  kotak-kotak anu masing-masing miboga mana anu béda-béda. Ku sabab kitu, dina prosés diajar lumangsung dua prosés, nyaéta prosés organisasi informasi jeung adaptasi (Cahyo, 2013: 37).
Prosés organisasi nyaéta prosés nalika manusa ngahubungkeun informasi anu ditarimana jeung struktur-struktur pangaweruh anu geus ditunda atawa geus nyampak saméméhna dina otak. Sedengkan prosés adaptasi nyaéta prosés anu eusina dua kagiatan. Kahiji, ngahubungkan atawa ngaintegrasikeun pangaweruh anu ditarima ku manusa atawa nu disebut asimilasi. Kadua, ngarobah struktur pangaweruh anyar nepi ka jadi hiji beungkeutan anu gumulung (equilibrium)..
6.Kaunggulan Konstruktivisme
Kaunggulan tiori konstruktivisme nurutkeun Cahyo (2013) nyaéta guru lain hiji-hijina sumber diajar; siswa leuwih aktif jeung kréatif; pangajaran jadi leuwih boga ma’na; siswa mibanda kabébasan; ngabina sikep produktif jeung percaya diri;  prosés évaluasi difokuskeun kana penilaian prosés; jeung siswa jadi leuwih gampang paham.
7.Larapna Konstruktivisme dina Pangajaran
Pamarekan konstruktivisme dina prosés pangajaran ngahasilkan model diajar di antarana:
-       Discovery Learning
Discovery Learning mangrupa prosés pangjaran anu museur kana mentalinteléktual para siswadina ngungkulan sakur pasualan anu disanghareupan, tug nepi ka manggihan hiji konsép atawa generalisasi anu bisa dilarapkeun di lapangan (Illahi, 2012: 29). Modél pangajaran ieu bisa ngarobah kondisi siswa anu pasif jadi aktif jeung kréatif. Bisa ngarobah pangajaran anu teacher oriented jadi student oriented. Ieu modél ogé ngarobah tina modus expository  kana modus discovery anu nungtut siswa sacara aktif nimukeun informasi sorangan kalawan bingbingan guru.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar