1. Tiori jeung Konsép
Béhaviorisme
Dina
dunya atikan, tiori jeung prakték atikan dipangaruhan ku aliran filsafat
pendidikan. Salah sahiji aliran
filsafat pendidikan anu bisa mangaruhan
sistem pangajaran di antarana nyaéta béhaviorisme.
Nurutkeun béhaviorisme, munculna
paripolah bakal leuwih kuat lamun dibéré hadiahjeung bakal leungit lamun ditibanan hukuman. Hubungan S-R, individu
pasif, paripolah anu katingali, ngawangun paripolah ku cara
ngatur kondisi
sacara disiplin, hadiahjeung hukuman mangrupa unsur-unsur penting dina tiori béhaviorisme.
2. Tokoh-Tokoh Béhaviorisme
a. Edward Lee Thorndike (1874 - 1949)
Nurutkeun Thorndike aya tilu hukum diajar anu utama: hokum akibat, hokum latihan, jeung
hukum kasayagaan.
1) The Law of
Effect
(Hukum Akibat)
Hukum akibat nyaéta hubungan stimulus réspon anu kamungkinan leuwih kuat lamun akibatna nyenangkeun jeung
kamungkinan bakal héngkér lamun akibatna henteu matak nyugemakeun.
Konéksi antara kesan panca indera jeung paripolahna bisa
jadi leuwih kuat atawa leuwih héngkér, gumantung kana “buah”/“hasil” paripolah
anu pernah dilakukeun. Upamana, lamun siswa migawé PR, bakal nyenangkeun
guruna. Tapi lamun teu migawé PR, manéhna bakal dihukum. Paripolah migawé PR
bakal ngawangun sikapna.
2)
The Law of
Exercise(Hukum
Latihan)
Hukum latihan nyaéta beuki imindeng tingkah laku dilatih (digunakeun), mangka éta asosiasi bakal leuwih kuat. Di dieu, hukum latihan boga harti dua hal:
•
The Law of Use: hubungan-hubungan atawa konéksi-konéksi bakal tambah kuat, lamun aya latihan anu sipatna leuwih nguatan éta hubungan.
•
The Law of Disue : hubungan-hubungan atawa konéksi-konéksi bakal tambah héngkér, lamun latihan-latihan dieureunkeun.
3) The Law of
Readiness
(Hukum Kasayagaan)
Hukum kasayagaan éta
nerangkeun yén beuki sayagana hiji organisme pikeun meunangkeun parobahan tingkah
laku, mangka lumangsungna parobahan éta tingkah laku bakal nimbulkeun kasugemaan individu nepi ka asosiasina jadi leuwih kuat. Prinsip utama tiori konéksionisme nyaéta diajar mangrupa hiji kagiatan ngawangun asosiasi (connection) antara
kesan panca indera jeung kahayang pikeun migawé hiji hal.
b. John Watson (1878 - 1958)
Nurutkeun Watson, diajar mangrupa prosés interaksi antara stimulus jeung réspon, tapi éta stimulus jeung résponna kudu bisa dititénan jeung diukur. Jadi, parobahan-parobahan méntal dina diri saurang siswa salila proses diajar ngajar, henteu
kudu diperhatikeun sabab henteu bisa dititénan.
Salah
sahiji .pamadegan utama Watson
nyaeta psikologi ngulik stimulus dan
réspons (S-R Psikologi). Anu dimaksud ku stimulus nyaéta sakabéh obyék di
lingkungan, kaasup parobahan jaringan dina awak.Réspon
nyaéta naon waé anu dilakukan anu mangrupa jawaban kana stimulus, mimiti tina
tingkat basajan kana tingkat luhur.
Sumbangan utama
Watson nyaéta pamadeganana anu kuat
ngeunaan paripolah anu bisa dikontrol jeung aya hukum anu ngaturna. Ku nolakna kana mind jeung kasadaran, Watson mampu ngahudangkeun deui sumanget obyéktivitas dina psikologi anu mukakeun jalan pikeun risét-risét émpiris dina ékspérimén anu bisa dikontrol.
c. Clark L. Hull (1884 - 1952)
Prinsip-prinsip
utama tiori Clark L. Hull :
• Reinforcement mangrupa faktor penting dina diajar.
• Prosés diajar bisa lumangsung, lamun geus aya kasaimbangan
biologis. Hal ieu nembongkeun pangaruh tiori Darwin anu mentingkeun adaptasi biologis organism.
d. Edwin Guthrie
Prinsip
diajar
Guthrie anu utama nyaéta hukum kontiguitianu
mangrupagabungan stimulus-stimulus anu dibarengan ku gerakan..Guthrie ogé percaya yén hukuman (punishment) ogé penting dina prosés diajar. Hukuman anu dibikeun dina
waktu anu merenah bakal mampuh ngarobah tingkah laku
siswa.
3. Kaunggulan jeung Kahéngkéran
Béhaviorisme
a.
Kaunggulan Béhaviorisme
1)
Cocog
pisan pikeun meunangkeun kamampuh anu
ngabutuhkan prakték jeung pembiasaan anu miboga unsur-unsur saperti kecepatan,
spontanitas, kelenturan, réfléks, jeung
daya tahan.
2)
Mampuh ngaping siswa supaya henteu mikir
liniér, konvérgén, tapi kréatif, jeung produktif.
3)
Ngabingbing
siswa pikeun
ngudag targét, anu ahirna ngajadikeun siswa bébas ngalakukeun kréasi jeung imajinasi.
b. Kahéngkéran Béhaviorisme
1)
Pangajaran museur ka guru (teacher centered learning), sipatna meanistik, jeung oriéntasina ngan kana hasil anu bisa dititénan jeung diukur.
2)
Siswa
ngan ngaregepkeun
pedaran
guru jeung ngapalkeun naon-naon anu diregepkeun jeung dianggap hiji cara diajar anuéféktif.
3)
Siswa (tori skinner) anu meunang hukuman, boh verbal boh fisik saperti kekecapan kasar atawa pamoyok kanu justru akibatna goréng pikeun siswa.
4)
Henteu
bisa ngajelaskan
situasi diajar kompléks, sabab lobavariabel atawa hal-hal anu raket patalina jeung pendidikan/diajar anu lain ngan ukur hubungan
stimulus jeung
réspon.
5)
Henteu
bisa ngajelaskan
alesan-alesan anu nyalahkeun hubungan antara
stimulus-réspon jeung henteu bisa ngajawab hal-hal anu nyababkan ayana kateusaluyuan antara stimulus anu dibikeun jeung résponna.
4.
Aplikasi Béhaviorisme dina Pangajaran
Pangajaran anu dirancang dumasar kana tiori béhaviorisme nganggap pangaweruh téh obyéktif, pasti,
tetep, henteu robah. Pangaweruh geus miboga struktur nu rapih, antukna diajar
mangrupa prosés meunangkeun pangaweruh, ari ngajar nyaéta mindahkan pangaweruh
(transfer of knowledge) ka siswa.
Dina prosés diajar, siswa dianggap objék pasif anu salilana butuh motivasi jeung penguatan ti guru. Ku sabab kitu, para guru mekarkeun kurikulum anu miboga struktur ku cara ngagunakeun standar-standar nu tangtu dina prosés diajar anu kudu dihontal ku para siswa. Kitu deui dina prosésévaluasi diajar, siswa diukur ngan kana hal-hal nyata jeung bisa dititénan nepi ka hal-hal anu sipatna henteu bisa dititénan--henteu kadongkang dina prosésévaluasi. Implikasi tina tiori béhaviorisme kurang bisa méré kabébasan ka siswa pikeun
ngalakukeun kréasi, atawa ékspériméntasi, jeung mekarkeun kamampuanana
sorangan.
Ku sabab sistem pangajaranana otomatis-mekanis dina ngahubungkeun stimulus jeung réspon ahirna jiga saperti gawé mesin atawa robot. Akibatna, siswa kurang mekar luyu jeung poténsi dirina. Ku sabab tiori
béhaviorisme nganggap yén pangaweruh geus boga struktur anu rapih jeung boga
aturan, mangka siswa disanghareupkeun
kana aturan-aturan anu jelas jeung ditangtukeun leuwih ti heula.
5.Tiori
jeung Konsép Nativisme
Aliran
Nativisme mangrupa
aliran anu
leuwih merhatikeun kamampuh diri siswa. Faktor lingkungan dianggap
kurang pangaruhna kana kamekaran siswa. Istilah Nativisme asalna tina kecap‘natie’,
hartina ‘lahir’. Nurutkeun aliran nativisme, lingkungan sabudeureunana euweuh
hartina sabab lingkungan teu boga daya dina mangaruhan kamekaran siswa. Ieu aliran
teu nganggapyén kamekaran individu ditangtukeun ku faktor bawaan nalika lahir. Ku sabab kitu, hasil atikan ditangtukan ku bakat anu dibawa mangsa
lahir. Ku kituna, nurutkeun ieu aliran,
hasil diajar ditangtukan ku individuna sorangan. Atikan siswa anu henteu luyu
jeung bakat anu dibawa moal aya gunana pikeun kamekaran siswana sorangan.
Tokoh
aliran Nativisme di antarana:(1) Schopenhaur (filsuf
Jerman 1788-1860) Arthur Schaupenhaur
ngébréhkeun anu jahat bakal jadi jahat; anu hadé bakal jadi hadé.Ieu tiori
lawan tina tiori béhaviorisme. Tiori nativisme mangrupa dasar pamikiran yén
hasil henteuna atikan henteu ditangtukeun ku faktor atikan jeung lingkungan éta
siswa. Hartina, lingkungan henteu boga kakuatan dina mangaruhan kamekaran siswa.
Ngaliwatan ieu tiori, Arthur Schopenhauer
ngébréhkan yén anu bawaanana goréng bakal jadi goréng; anu bawaanana
hadé jadi hadé tanpa pangaruh lingkungan nu aya.
6.
Kaunggulan jeung Kahéngkéran Nativisme
Kaunggulan
Nativisme
1) Mampu
ngamunculkeun bakat dirina
Ieu tiori miharep manusa bisa ngaoptimalkan bakatna,
sabab ku ieu tiori hiji jalma bisa
mikawanoh kana bakat dirina anu bisa dimekarkeun ku manéhna. Ku ieu hal bakal
ngagampangkeun manusa pikeun mekarkeun hiji bakat anu engkéna bakal nangtukeun
kamajuan dina hirupna.
2) Ngarojong manusa ngawujudkan dirina anu boga kompeténsi
Jadi,ku ieu tiori dipiharep unggal manusa kudu leuwih kréatifjeung inovatif dina upaya mekarkeun bakat jeung minat sangkan jadi manusa anukompetén jeung kompetitif dina nyanghareupan tangtangan jaman kiwari anu terus leuwih ngabutuhkeun manusa unggul anu
kompetén.
3) Ngarojong manusa dina nangtukeun pilihan
Ieu tiori miharep manusa bisa ngabogaan sikep leuwih
bijaksana dina nangtukeun pilihanana,
jeung lamun manusa geus nangtukeun pilihanana, mangka manéhna bakal komitmen
jeung nyekel pageuh kana pilihanana jeung bakal yakin yén hiji hal anu
dipilihna mangrupa anu panghadé na pikeun dirina.
4) Ngarojong manusa pikeun mekarkeun poténsi dirina
Ieu tori nétélakeun yén anu ngajadikeun manusa boga peran aktif dina mekarkeun poténsi dirina nyaéta ciri khas atawa ciri khusus jati dirina.
5) Ngarojong manusa mikawanoh kana bakat minatna
Ku ayana ieu tiori, mangka manusa bakal gampang mikawanoh
bakatna. Leuwih awal manusa mikawanoh bakatna, nyaéta manusa bakal leuwih
ngamaksimalkeun bakatna supaya mekar leuwih optimal.
Kahéngkéran
Nativisme
Ieu tiori nganggap saolah-olah sipat-sipat manusia henteu
bisa dirobah sabab geus ditangtukeun ku sipat-sipat bawaan. Lamun bawaanana hadé, mangka bakal jadi hadé; lamun
bawaanana jahat, mangka bakal jadi jahat. Jadi, sipat manusa mah permanén henteu bisa dirobah. Ieu tiori nganggap atikan jadi hiji hal anu pesimistis.
7.Larapna Nativisme
dina Pangajaran
Anu
nganut aliran nativisme nganggap yén orok anu lahir geus jeung bawaanana, boh
bawaan hadé boh goréng. Ku sabab kitu, hasil akhir atikan ditangtukeun ku
bawaanana mangsa lahir. Dumasar kana éta pamadegan, mangka hasil atikan ditangtukeun ku siswana
sorangan. Ditegaskeun yén “anu jahat
bakal jadi jahat; jeung anu hadé bakal
jadi hadé.” Atikan anu henteu saluyu
jeung bakat katut bawaan siswa moal aya gunana pikeun kamekaran éta budak dina
prosés diajarna.
Pikeun nativisme,
lingkungan sabudeureunana moal aya hartina sabab lingkungan moal boga daya
jeung kakuatan dina mangaruhan kamekaran
siswa.Anu nganut ieu aliran ngébréhkeun yén lamun budak miboga bawaan jahat,
manéhna bakal jahat; jeung lamun hiji budak miboga bawaan hadé, nya bakal jadi
hadé. Ieu bakat jahat jeung hadé teu henteu bisa dirobah ku kakuatan ti luar.
Tiori nativisme disebut ogé tiori
naturalisme atawa
tiori
pesimisme. Tiori
nativisme nganggap yén
manusangalaman
tumuwuh mekarna lain ku sabab faktor atikan jeung intervénsi séjénna anu datangna ti
luar manusa, anging ditangtukeun ku bakat jeung bawaanana. Tiori ieu nganggap yén upaya atikan téh euweuh gunana jeung moal aya
hasilna. Malah ceuk ieu tiori atikan
téh justru bakal ngaruksak kamekaran siswa. Tumuwuh mekarna siswa henteu perlu diintervénsi ku upaya atikan, sangkan tumuwuh mekarna siswa lumangsung sacara
wajar, alamiah, luyu jeung kodratna.
Atikan anu dilaksanakeun mangrupa hiji usaha anu tanpa daya nurutkeun ieu tiori, sabab siswa bakal nangtukeun hasilna ku dirina sorangan
lain ngaliwatan usaha atikan. Sanajan dina atikan aya aturan beurat atawa
ringan, éta siswa tetep bakal balik deui kana sipat jeung bawaanana. Kitu deui faktor lingkungan, sabab lingkungan moal boga kakuatan dina mangaruhan kamekaran siswa.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar