1. Tiori jeung Konsép
Kognitivisme
Tiori diajar kognitif ngalibetkeun prosés mikir sacara komplék jeung mentingkeun prosés belajar. Aliran
kognitif nganggap kagiatan diajar lain saukur stimulus jeung réspons anu
sipatna mékanistik, tapi leuwih ti éta, kagiatan diajar ogé ngalibetkeun
kagiatan méntal anu aya dina diri individu anu keur diajar. Dumasar kana éta
pamadegan, bisa dihartikeun yén diajar nyaéta hiji prosés méntal anu aktif
pikeun ngahontal parobahan paripolah.